Minggu, 30 Mei 2010

Diajar Ngarang Carpon

Diajar Ngarang Carpon
Posted on November 21, 2008 by ambuhegar
Pangajaran ngarang pikeun panulis nalika harita masih diuk di bangku Sakola Dasar kacida dipikaresepna. Rek ngarang basa Sunda atawa basa Indonesia. Komo mun bapa guru atanapi ibu guru teu nangtukeun tema. Laluasa nulisna ari dibere tema mah rarasaan teh kabengket. Harita mah nulis teh teu malire kumaha nulis nu saestu. Kakara geus di SMP dibebebah. Emut keneh ibu guru basa Sundana namina bu Taski di SMP Negeri 14 Bandung. Duka panginten ayeuna anjeunna tos pangsiun. Anjeunna nu nganteur panulis nerus nulis .Salajeunna dijejeran ku Mang Adang S di Mangle. Di FKIP UNINUS Bandung dijejeran ku Drs. Makmur Saadi.Emut harita carpon anu munggaran “CIDRA”.
Kukituna dumasar kana pangalaman di luhur ngajak ka balarea khususnya rumaja kota Bogor hususna sangkan mitembeyan nulis carita dina wanda basa Sunda. Sakalian hidep ngamumule jeung mekarkeun basa indung. Rek kusaha deui iwal ku urang salaku urang Sunda ulah eleh ku rumaja asing anu mikaresep jeung mika cinta budaya
Sunda dina sagala widang. Alhamdulllilah dikota Bogor parantos medal tabloid SUNDA URANG baris nampi seratan urang. Kolom carpon pek eusi ku tulisan rumaja. Pangalaman atawa imajinasi . Tong sieun salah da aya editor anu baris ngaloris tulisan hidep.
Sok geura pigawe lengkah-lengkah ngamimitian hidep diajar ngarang carpon .
1. Memeh prak sadiakeun keretas jeung alat tulis atawa komputer.
2. Ngarang kudu kajurung ku niat sorangan lain dititah atawa tugas.
3.Ngabogaan ide. Ide eta datang lamun ka jalma anu biasa ngarang dadakan. Kukituna lamun datang ide tong ditunda harita keneh nulis. Anggeuskeun tong kapotong. Teangan ide anu dekeut jeung urang atawa kahirupan urang ; Cinta contona. Ari neangan ide ,tinggal ngamanfaatkeun panon jeung ceuli. Ningali kajadian macet nalika ngaliwat ka Pasar Bogor, pek caritakeun. Aya anu geulis ngaliwat, buru caritakeun caritakeun , bayangkeun nu ngaliwat eta kabogoh hidep.
4. Tong sieun salah, sieun dipoyokbatur, sieun teu dimuat,sieun salah nulis ejaan komo nulis e jeung eu. Najan pangarang geus jadi tetep bae aya pasualan.Mun haben ngagugulung kasieun mah moal aya kabisa. Ceuk basa Indonesia mah “asa karena biasa “.Kudu dibiasakeun.
5. Lamun hidep manggih hahalang sabab mentok ide ceuk basa legegna mah. Tong dijadikeun masalah. Tong waka kukulutus. Eta senina nulis. Pek bae lamun hidep nulis surat cinta sarua .nulis, baca, soekkeun tuluy piceun ka wadah runtah. Neangan anu hade eusina sangkan nu dikirim surat narima cintana. Teu beda
6. Mimitian nulis pangalaman sapopoe. Sarua jeung nulis agenda atawa buku harian. Ngan bedana pek jieun wangkongannana sangkan narik ati,hirup karangannana, jeung rarasaan mah nu maca teh ningali jeung ngarasa kajadian dina eta carita. Kukituna mun caritana sedih, numaca ceurik tapi lamun caritana pikaseurieun milu seuri.Lamun kakeheul milu keheul.
7.Pikeun babanda kecap jeung kabengharan gaya nulis. baca buku-buku teori jeung carpon atawa novel pangarang Sunda.Lian ti eta kudu dalit jeung kamus basa Sunda sabab kamus loba manfaatna pikeun ngajelaskeun harti kecap sangkan urang teu salah nenden kecap dina tatanan kalimah. Dina proses nulis tingali bener teu nulisna. Kekecapan di jaman kiwari beuki benghar .Kamus nu alus teu ukur nerangkeun harti kecap oge ngajelaskeun cara ngalarapkeunnana dina kalimah.
Der,ah! (Ambu)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar