Minggu, 30 Mei 2010

wangkongan “Pasanggiri”

Wangkongan ieu mah mung ubar baeud kanggo anu mika deudeuh kana basa jeung budaya Sunda. Impilik-impilkna mugia tiasa dijantenkeun eunteung kangge “generasi muda” utamina.
PASANGGIRI
Ceu guru kenging pancen ti sakolana ngaping anak ceu Surti milu Pasanggiri di Tasik. Ari ceu Surti najan diulah-ulah oge milu, nekad najan make ongkos sorangan da panasaran hayang nyaksian pasanggiri siga kumaha.
Nepi ka Tasik wanci magrib, ceu Surti neangan panginepan. Kabeneran aya sakamar nu tempatna teu jauh ti Bumi Ageung. Ari si Itok mah tumaninah da disadiakeun ku panitia. Si Itok pamilon biantara.
Kacaritakeun Isukna
Ceu Guru : “Tok, tong hariwang. Kudu percaya diri. Lamun ku meok memeh dipacok, cilaka dua belas.”
Itok : “Insyaalloh, Bu.”
Surti : “Aduh, alus nya. Geuning mun ditinenan nonoman teh teu kabeh geus lali kana purwadaksi, aya keneh nu mika cinta ka basa urang..”
Ceu Guru : ”Puguh atuh. Rek saha deui anu mika cinta jeung ngamumule basa urang, iwal ti uran salaku urang Sunda”
Itok :”Kapan aya paribasa saur bapa Dodo Pangawas tea; Yen budaya teh ciciren bangsa, budaya Sunda teh mangrupa jati diri urang Sunda Sawadina budaya Sunda. Jadi kareueus sakabeh ur
urang Sunda.”
Surti :”Satuju pisan. Mun sakabeh nonoman kawas Itok. Hadee!”
Itok :”Hade mah pasangan Dede Yusuf jeung saha nya Ma?”
Surti :”Puguh Ema mah anu kainget teh Dede Yusuf bae. Saurangna mah poho. Ngan ayeuna mah geus jadi.”
Surti :”Kukituna mah susuganan hade oge sagala-galana,kahirupan di Jawa Barat subur,makmur loh jinawi, teu kakurangan sandang kalawan pangan.Rahayatna makmur, ayem temtrem. Teu
hilap tanjeurkeun ajen jeug komara Ki Sunda.”
Ceu Guru : “Aminnnn”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar