Minggu, 30 Mei 2010

perpisahan



serah terima siswa kepada orang tua







siswa yang lulus PMDK IPB








mempersiapkan diri untuk pengalungan bunga








guru-guru SMAN 4 (bu Nina,bu Yesi dkk)








Sungkem















MGMP BASA SUNDA SMA/SMK/MA KOTA BOGOR

MGMP BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/SMK/MA SE-KOTA BOGOR
Posted on Oktober 15, 2008 by ambuhegar

Musyawarah Guru Mata Pelajaran (MGMP) merupakan suatu wadah perkumpulan bagi guru mata pelajaran yang berada di suatu wilayah/ kabupaten/kota/kecamatan/sanggar/gugus sekolah. Fungsi MGMP adalah sarana untuk saling berkomunikasi, belajar, bertukar pikiran dan pengalaman, serta berbagi hasil pelatihan, dalam rangka meningkatkan kinerja guru sebagai pelaku perubahan reorientasi pembelajaran di kelas.


Tugu Kujang Kebanggaan Warga Bogor

MGMP Bahasa dan Sastra Sunda lahir sejalan dengan diberlakukannya kurikulum bahasa daerah
untuk SMA/SMK/MA di Jawa Barat. Sebelum terbentuknya MGMP Bahasa dan Sastra Sunda di kota Bogor diawali dengan Pelatihan Sosialisasi Kurikulum Bahasa Sunda Se-Jawa Barat yang diikuti oleh : Dra. Neneng Tuti Yuniarti (SMAN 4), Owon Wirawan, S.Sos,(SMA YZA 2), Drs. Ahmad Santoso (SMAN 2), Drs. Asep Mulyana (SMA Kosgoro), dan H. Cecep, S.Pd. (SMAN 8). Selanjutnya kami berunding untuk menindaklanjuti pembentukan MGMP Bahasa dan Sastra
Sunda di kota Bogor. Alhamdullilah kami dapat mewujudkan pada tangal 27 Juli 2006 , bertempat di SMAN 4 Bogor, dihadiri bapa Drs. Dodo (pengawas), bapa Drs. Maman Suherman (kepala sekola SMAN 4 Bogor) dan perwakilan guru bahasa Sunda SMA/SMK/MA sebanyak 50 guru.Berdasarkan pemilihan maka diangkat sebagai ketua MGMP Dra. Neneng Tuti Yuniarti ( SMAN 4 Bogor) dan Drs. Maman Suherman sebagai ketua Sanggar sampai sekarang.

MGMP bahasa dan Sastra Sunda Kota Bogor mengorientasikan kegiatannya kepada tercapainya guru-guru yang berkualitas, kreatif, inovatif dan profesional. Kegiatan-kegiatan tersebut meliputi :
1. Pengembangan potensi guru di dalam melakukan proses pembelajaran dan pengembangan administrasi pembelajaran
2. Menambah wawasan guru mengenai hal-hal esensial dalam pembelajaran bahasa dan sastra Sunda.
3. Meningkatkan pengetahuan, keterampilan dan sikap dalam rangka pelestarian dan pengembangan budaya.
4. Mengembangkan ilmu pengetahuan, teknologi dan seni dalam pembelajaran bahasa dan Sastra Sunda untuk meningkatkan apresiasi sastra.
5. Bekerja sama dan ikut melaksanakan program-program dengan dinas pendidikan dan instansi yang berkaitan dengan bahasa dan sastra Sunda.
6. Berkreasi dan menghargai artistik, budaya, dan karya intektual Sunda serta menerapkan nilai-nilai luhur untuk meningkatkan kematangan pribadi, kematangan sosial, dan kematangan emosional.
VISI

Guru Mata Pelajaran bahasa dan Sastra Sunda yang profesional dan unggul dalam penguasaan bahasa dan sastra Sunda, pedagogik, serta mampu menggunakan perangkat teknologi informasi ( IT )

SUSUNAN PENGURUS

Ketua Sanggar : Drs. Maman Suherman (SMAN 4 Bogor)
PJBA : Drs. Dodo Saefullah H. (Pengawas)
Ketua : Dra. Neneng Tuti Y (SMAN 4 Bogor)
Sekretaris : Dra. Dais Nur Faridah (SMKN 3 Bogor)
Dra. Lina Sugiharti (SMAN 7 Bogor)
Bendahara : Dra. Cucu Sadiyah (SMAN 1 Bogor)
Dra. Lilis Solihat (SMKN 1 Bogor)
Pengembangan Bahan Ajar : Dra. Sukmawati (SMAN 3 Bogor)
Dra. Wiwin (SMAN 1 Bogor)
Lanny S.Ss (SMKN 1 Bogor)
Inovasi Pengajaran : Dra. Ida Rosidah (SMKN 2 Bogor)
Dra. Izra (SMAN 10)
Dra. Imas (SMAN BM Bogor)
Evaluasi : Dra. Ros (SMA PGRI 4 Bogor)
Drs. Tata (SMKN 3 Bogor)
Drs. Ahmad Santoso (SMAN 2 Bogor)
DIarsipkan di bawah: MGMP Ditandai: , , ,

carpon "KARETA PANUNTUNGAN"

APRESIASI BAHASA DAN SASTRA SUNDA Untuk kelas XI SMA,SMK,MA
Posted on Oktober 18, 2008 by ambuhegar
CARPONAmbu Hegar
KARETA PANUNGTUNGAN
Jerit jumeritna hate kuring ngajerit maratan langit ngoceak maratan jagat. Mun wasa mah cerik gogoakkan narima kanyataan kieun. Saha jelemana nu kuat ditinggalkeun maot ku pamajikkan nu geus lawas babarengan , ngaheuyek ngarumahtangga, sapapait samamanis. Ayeuna geus hirup lumayan loba kamajuan utamana dina gudag kalir ceuk istilah legegna mah . Tinggal metik hasil manehna mulang ka jati mulang ka asal. Mun seg Allah mareungkeun moal lila deui kuring diangkat jadi kapala sakolah. Ari taeun kieu, anjeun ninggalkeun kuring. Takdir. Papasten ti Gusti Nu Widi.
“Duh, Gusti paparin abdi kakiatan !” jumeritna hate kuring bari netep pamajikan nu harita geus jadi layon dihujannan ku cimata. Cimata nu jadi saksi . Memang kuring surti kana bagbagan agama yeun teu dimenangkeun nyengceurikkan nu maot. Ngan dalah dikumaha kuring teu wasa nahan kasedih. Kuring teu wasa .
Lalampahan katukang bruhbreuh narembongan. Nalika kuring tepung jeung manehna di IKIP. Kuring kabeneran sajurusan bahasa Sunda. Cinta kuring langgeung nepikeun ka prukna ngarumah tangga. Kuring ngumbara di Bandung, Tempat tugas beda. Kuring dipercaya ku Manteunna, anak kuring dua sajodo. Si cikal lalaki ari si bungsu awewe. Si cikal tingkat dua di salah sahiji paguron di Bogor, ari si bungsu kelas hiji SMP. Kahirupan kuring ayeumtemtreum nepikeun ka ayeuna. Ngan katremtreuman eta punggas di jalan jalaran pati nu misahkeun kuring jeung manehna. Peuting ieu roangan ieu jadi saksi katunggaran kuring sakulawarga. Innalillahi wainaillihi rojiun.
”Pileuleuleuyan ,junjunan” gerentes kuring dumareuda.Sanggeun layon dibawa ka imah. Kasedih nambah rosa. Ngan teu bisa kumaha. Kuring boga iman. Iwal cimata teu kaampeuh. Si cikal jeung si bungsu teu jauh ti kuring. Komo manehna kaleungitan nu jadi indung, indung nu sapopoe ngaping ngajaring beurang jeung peuting. Ari kuring mah rumasa sok rada katungkulkeun tugas di sakola. Nya ari dititeunan mah indungna nun ngurus sagembleungna najan manehna sarua pagawe negeri. Ari awewe mah tetep bae anak jeung keluarga nomer hiji disagedeungeun tugas di luar imah. Eta leuwihna numatak pantes budak teu narima kana papasteun ieu. Sugan ari ku kalilaan mah moal. Ayeuna mah wajar. Komo budak, kuring oge mun wasa mah bati kumaha. Mun wasakuring menta , kajeun kuring nu ti heula ninggalkeun alam dunya ieu batan indungna. Ari indung bisa jadi bapa. Ari kuring can tangtu bisa jadi indung. .
“Mat,……”hiji sora mepeskeun lamunan ”Sing sabar jeung tawekal, karunya kabarudak. Lamun ajeun ngulueut kieu sakumaheun barudak. Hayoh, geura cengkat kapan sakedap deui bade dimakamkeun” ceuk Pa Hasan bapak RT ngelingan kuring.
“ Mangga .” bari lalaunan cengkat ninggakeun enggon di barengan ku manehna.Di ruang tamu pinuh kunu ngalayad lian ti tatangga, baraya oge babaturan gawe kuring jeung pamajikan. Aya anu ngadoa, aya anu ngaji yasin. Alhamdullilah . Bagja. Kuring mah can tangtu kitu. Kukituna anjeung hirup di alam dunya ieu kaasup pamajikan anu sajati. Ka salaki satia. Solehhah. Numatak alhamdullilah anjeun mulang lir nu tibra kuleum . Cahayaan. Iklas ninggalkeun alam dunya. Subhanallloh.
Teu lila layon teh dipindahkeun kana pasaran. Kandaraan panungtungan. Sanajan loba dunya barana, turun unggah mobih mewah, geun maot mah sarua dibawa kana pasaran. Pasaran teh tuluy dituruban ku samping kebat jeung lawon hejo dikembangan ku kembang menang ngaronce tanda kaasih ti keluarga. Ari aturan dina Quran mah teu aya, eta mah kakurung ku kabiasaan nu geus nyaliara di masarakat urang.
Koceak si bungsu ngoceak. Leketey hate kuring. Peurih. Hate ieu gundawang lir diturihan ku hinis. Mun seg kuring lain lalaki geus kumaha boa. Kuring teu wasa narima kaayaan kieu.
“Ampun ,Gusti!!!!!Paparin abdi sareng pun anak kakiatan!”jumeritna hate kuring bari muntang kanu Kawasa.Nu ngagotong pasaran anu katelah kareta panuntungan ka luar ti buruan tuluy asup ka mobil jenasah. Kuring nuturkeun bari hate peurih. Kuring kudu kuat. Kuring kudu bisa nganteurkeun. Kuring kudu nepi ka kuburan tempat panuntungan nu jadi buah hate. Najan raga papisah tapi batin tetep nganteung. Kitu deun anjeun najan teu kaciri ku mata lahir tapi mata bathin seukeut tetep kuring salalawasana. Anjeun bisa ningali ka kuring. Anjeun weleuh aya disagedeungeu kuring jeung buah hate urang duaan.
Gundukan taneh beureum pajaratan saksi nu misahkeun alam kuring jeung anjeun. Kuring pahet janji dina ati baris ngaping ngajaring buah hate nu samistina. Da ka saha deui maranehannana muntang iwal ka kuring. Kuring baris jadi bapa jeung indung keur manehna memeh manehna bisa hirup mandiri. Kuring kudu bisa jadi tumpuan hareupan manehan dina enggoning muru runtayan hareupan.
Sora azan lapat-lapat ti kajauhan nambahan kakuatan batin kuring. Kuring narima kana papasteun ieu. Kuring tuluy mutang kanu Kawasa. Kasaha deui atuh kuring muntang iwal ka Manteunna. Manteunna anu ngahirupkeun jeung ngamaotkeun. Kuring oge bakal ngalaman maot. Ngan duka iraha. Eta mah rahasiah Manteunna. Tanwande kuring kudu hade ngalakakonan hirup di alam duya, ngajauhan larangannna, ngalaksakeun parentahna, tur kudu kuat kana cocoba. Ayeuna anjeun mulang, isuk pageto boa kuring. Anjeun mah iwal pasrah jeung sadar yeung pati teh ngadodoho. Bukti kuat. Nu jadi pamajikan, rarasaan mah kamari-kamari teh ngobrol paduduaan jeungna rarasaan mah geuringna teu parna-parna teuing. Sugan teh rek nuluy cageur saterusna ieu mah malah kanceuh. Ka dalapan poe Malaikat maot mapagkeun. Mulang kajati mulang ka asal. Kareta panuntungan lalaunan ngajauhan .
“Pileuleuyan, junjunan”harewos kuring dumareda bari ngalengkah lalaunan ninggalkeun pajaratan. Titingalan ka hareup awor ku ngeyembeungna cimata nu weleuh maseuhan kongkolak mata timimiti geletukna nepikeun anjeun dikureubkeun. Teuing iraha cimata ieu saat. Enya oge kuring teh lalaki teu wasa narima kaayaan kieu. Cimata saksi kapeurih pegatna asih jeung duriat ka manehna alatan pati. Pati papasten ti Gusti Yang Widi pikeun kuring jeung manehna dina enggoing ngaronce rundayan hareupan ngojayan samudra kahirupan dipasieup ku cimata jeung sora dareda nutup carita di peuting panuntungan .
Lain kuring teu ngarti. Teu narima kana takdir. Tapi kuring manusa nu teu salawasna panceg , kuat , teguh, narima sagala kanyataan hirup . Ari ku kateuingan kuring rubuh , runtuh, sakuatna pilar kaimanan jeung kakuatan hate. Rempag ku gulidagna rasa nu rosa ku kapeurih jeung kaseudih nu taya bandingannana. Kiwari kasedih ieu baris jadi papaes hirup kuring salalawasanna. Moal leungit jeung luntur ku muterna waktu moal ilang ku gantina jaman. Abadi dina hate nanubari nu suci dina enggoning kuring hirup di alam dunya ieu.
Bogor, medio Oktober 2008
* Batas Paragraf ditandai dengan spasi dan tiap paragraf seharusnya penulisan menjolok karena sistem sehinga hasil sebagai tersebut di atas
DIarsipkan di bawah: MGMP Ditandai:

puisi ANAKING

Anaking
Posted on November 21, 2008 by ambuhegar
APRESIASI SAJAK PANGAJARAN PIKEUN Kls XII Semester 1

Ilo sajak di handap!
Sajak
ANAKING
Anaking,
Ti heula nalika hidep cumarita
isukan baris nuluykeun harepan
muru untaian gelarna cita-cita
dina angkeuhan ITB hiji paguron
anu mashur di kota Bandung
Hate indung bati ceurik
teu wasa narimana
na timana atuh waragadna
ceuk beja puluhan juta
ari ieu aya gajih panyesaan
potongan ti mana-mana
nyumponan kabutuhan hirup
ITB ngan saukur gugupay
ngahiap-hiap kanu teu wasa
nga sipating manusa
kena owah gingsir
ayeuna urang hirup kieu
sugan jaga manggih bagja
ayeuna teu laksana sugan jaga
Anaking teu bisa nepi ka dinya
dina muru udagan gelar cita-cita
lain indung teu mirosea
lain indung teu ngajurung
lain indung teu surti
geuning sakola di jaman kiwari
kudu sugih ku kaboga
tong wara mangjuta-juta
sajuta oge panyesaan
cukup keur hirup dua minggu
sabab kaayaan kiwari
teu nguntup jeung panghasilan
Anaking,
kiwari indung bungah ati
hidep geus mere bukti
nepi kanu dipicamcam
najan teu nepi ka ITB
di paguron ieu jadi asisten
nuluykeun lengkah indung
babakti ka lemah cai
ngamalkeun pangarti
sasieureun sabeunyeureun
pikeun bekel bawaeun jaga
sanajan leutikna sagede siki saga
manfaat dunya aherat
Nuhun Gustiii!
Bogor, 21 janari gede Nov 2008.
(Puisi ieu diserat pikeun anaking Ramdhan Rahmanda di Bandung)(Ambu)
Maham Sajak
Jawab panya di handap ieu!
1. Catet kecap-kecap anu dianggap hese tuluy hartikeun teangan dina kamus!
2. Jejer sajak “Anaking” nyaeta…………………………………..
3. Anu karasa ku hidep sabada maca sajak di luhur nyaeta………………………………….
4. Anu dicaritakeun ku pangarang dina sajak di luhur nyaeta……………………………………….
5. Anaking dina sajak eta ngagambarkeun anak ………………….sabab dijelaskeun tina padalisan………….
6. Amanat dina sajak di luhur nyaeta………………………………………………..
7. Kumaha pamadegan hidep lamun kajadian di luhur karandapan pisan ku hidep?Pek jelaskeun!………….
8. Caritakeun sajak di luhur ngagunakeun basa lancaran!
3. Kumaha pamadegan hidep lamun hidep ngalaman pangalaman di luhur?
DIarsipkan di bawah: Uncategorized Ditandai: ,
« »

Diajar Ngarang Carpon

Diajar Ngarang Carpon
Posted on November 21, 2008 by ambuhegar
Pangajaran ngarang pikeun panulis nalika harita masih diuk di bangku Sakola Dasar kacida dipikaresepna. Rek ngarang basa Sunda atawa basa Indonesia. Komo mun bapa guru atanapi ibu guru teu nangtukeun tema. Laluasa nulisna ari dibere tema mah rarasaan teh kabengket. Harita mah nulis teh teu malire kumaha nulis nu saestu. Kakara geus di SMP dibebebah. Emut keneh ibu guru basa Sundana namina bu Taski di SMP Negeri 14 Bandung. Duka panginten ayeuna anjeunna tos pangsiun. Anjeunna nu nganteur panulis nerus nulis .Salajeunna dijejeran ku Mang Adang S di Mangle. Di FKIP UNINUS Bandung dijejeran ku Drs. Makmur Saadi.Emut harita carpon anu munggaran “CIDRA”.
Kukituna dumasar kana pangalaman di luhur ngajak ka balarea khususnya rumaja kota Bogor hususna sangkan mitembeyan nulis carita dina wanda basa Sunda. Sakalian hidep ngamumule jeung mekarkeun basa indung. Rek kusaha deui iwal ku urang salaku urang Sunda ulah eleh ku rumaja asing anu mikaresep jeung mika cinta budaya
Sunda dina sagala widang. Alhamdulllilah dikota Bogor parantos medal tabloid SUNDA URANG baris nampi seratan urang. Kolom carpon pek eusi ku tulisan rumaja. Pangalaman atawa imajinasi . Tong sieun salah da aya editor anu baris ngaloris tulisan hidep.
Sok geura pigawe lengkah-lengkah ngamimitian hidep diajar ngarang carpon .
1. Memeh prak sadiakeun keretas jeung alat tulis atawa komputer.
2. Ngarang kudu kajurung ku niat sorangan lain dititah atawa tugas.
3.Ngabogaan ide. Ide eta datang lamun ka jalma anu biasa ngarang dadakan. Kukituna lamun datang ide tong ditunda harita keneh nulis. Anggeuskeun tong kapotong. Teangan ide anu dekeut jeung urang atawa kahirupan urang ; Cinta contona. Ari neangan ide ,tinggal ngamanfaatkeun panon jeung ceuli. Ningali kajadian macet nalika ngaliwat ka Pasar Bogor, pek caritakeun. Aya anu geulis ngaliwat, buru caritakeun caritakeun , bayangkeun nu ngaliwat eta kabogoh hidep.
4. Tong sieun salah, sieun dipoyokbatur, sieun teu dimuat,sieun salah nulis ejaan komo nulis e jeung eu. Najan pangarang geus jadi tetep bae aya pasualan.Mun haben ngagugulung kasieun mah moal aya kabisa. Ceuk basa Indonesia mah “asa karena biasa “.Kudu dibiasakeun.
5. Lamun hidep manggih hahalang sabab mentok ide ceuk basa legegna mah. Tong dijadikeun masalah. Tong waka kukulutus. Eta senina nulis. Pek bae lamun hidep nulis surat cinta sarua .nulis, baca, soekkeun tuluy piceun ka wadah runtah. Neangan anu hade eusina sangkan nu dikirim surat narima cintana. Teu beda
6. Mimitian nulis pangalaman sapopoe. Sarua jeung nulis agenda atawa buku harian. Ngan bedana pek jieun wangkongannana sangkan narik ati,hirup karangannana, jeung rarasaan mah nu maca teh ningali jeung ngarasa kajadian dina eta carita. Kukituna mun caritana sedih, numaca ceurik tapi lamun caritana pikaseurieun milu seuri.Lamun kakeheul milu keheul.
7.Pikeun babanda kecap jeung kabengharan gaya nulis. baca buku-buku teori jeung carpon atawa novel pangarang Sunda.Lian ti eta kudu dalit jeung kamus basa Sunda sabab kamus loba manfaatna pikeun ngajelaskeun harti kecap sangkan urang teu salah nenden kecap dina tatanan kalimah. Dina proses nulis tingali bener teu nulisna. Kekecapan di jaman kiwari beuki benghar .Kamus nu alus teu ukur nerangkeun harti kecap oge ngajelaskeun cara ngalarapkeunnana dina kalimah.
Der,ah! (Ambu)

wangkongan “Pasanggiri”

Wangkongan ieu mah mung ubar baeud kanggo anu mika deudeuh kana basa jeung budaya Sunda. Impilik-impilkna mugia tiasa dijantenkeun eunteung kangge “generasi muda” utamina.
PASANGGIRI
Ceu guru kenging pancen ti sakolana ngaping anak ceu Surti milu Pasanggiri di Tasik. Ari ceu Surti najan diulah-ulah oge milu, nekad najan make ongkos sorangan da panasaran hayang nyaksian pasanggiri siga kumaha.
Nepi ka Tasik wanci magrib, ceu Surti neangan panginepan. Kabeneran aya sakamar nu tempatna teu jauh ti Bumi Ageung. Ari si Itok mah tumaninah da disadiakeun ku panitia. Si Itok pamilon biantara.
Kacaritakeun Isukna
Ceu Guru : “Tok, tong hariwang. Kudu percaya diri. Lamun ku meok memeh dipacok, cilaka dua belas.”
Itok : “Insyaalloh, Bu.”
Surti : “Aduh, alus nya. Geuning mun ditinenan nonoman teh teu kabeh geus lali kana purwadaksi, aya keneh nu mika cinta ka basa urang..”
Ceu Guru : ”Puguh atuh. Rek saha deui anu mika cinta jeung ngamumule basa urang, iwal ti uran salaku urang Sunda”
Itok :”Kapan aya paribasa saur bapa Dodo Pangawas tea; Yen budaya teh ciciren bangsa, budaya Sunda teh mangrupa jati diri urang Sunda Sawadina budaya Sunda. Jadi kareueus sakabeh ur
urang Sunda.”
Surti :”Satuju pisan. Mun sakabeh nonoman kawas Itok. Hadee!”
Itok :”Hade mah pasangan Dede Yusuf jeung saha nya Ma?”
Surti :”Puguh Ema mah anu kainget teh Dede Yusuf bae. Saurangna mah poho. Ngan ayeuna mah geus jadi.”
Surti :”Kukituna mah susuganan hade oge sagala-galana,kahirupan di Jawa Barat subur,makmur loh jinawi, teu kakurangan sandang kalawan pangan.Rahayatna makmur, ayem temtrem. Teu
hilap tanjeurkeun ajen jeug komara Ki Sunda.”
Ceu Guru : “Aminnnn”